Selasa, 28 Desember 2010

KABAYAN JEUNG ALARM CALANA DALAM

SI KABAYAN JEUNG ALARM CALANA DALAM

Jajang R Kawentar

Si Kabayan maen Facebook jeung si Jajang babaturan waktu kuliah di perguruan tinggi pertanian jurusan ngangon entog jeung ngangon onta. Kira-kira kumaha tah percakapannya.

Tiba tiba si Kabayan muncul fotonya di gigireun dinding online FB. Waktu Si Jajang keur bete-bete bener. Langsung wae si Jajang nyamber mengklik foto si Kabayan, ketak-ketik saeutik. maklum geus lila teu panggih.

Jajang:
Kabayan kumaha damang

Kabayan:
Alhamdullillah damang..
kumaha didinya?

Jajang:
Sae Alhamdulilah, nuju dimana kang

Kabayan:
Masih buburuh di jakarta jang...

Jajang:
Hehehe sami wae atuh kang, simkuring mah di leuweung komo euy! jauh kaditu kadieu alah aduh ieung...
hehehe...

Kabayan:
Enak malah bisa menikmati alam...
pendudukna teu mata duitan... didieumah sagala ku duit

Jajang:
Asal tahan be, urang nu tahan atanapi leuweung nu ngalawan...

Kabayan:
Ari jeung alam mah asal urangna mau mengikuti siklus alam nya pasti hirup bisa seimbang..

Jajang:
heueuh... hehe... itu teori pelajaran kuliah sigana euy. keur paceklik, loba maling

Kabayan:
Tah eta nu matak riweuh mah..
dilembur teh sok serba salah... imah dipager jadi omong... teu dipager teu aman..

Jajang:
Ieu unggal peuting kudu hudang... nungguan bisi aya maling... rek digawe kaganggu

Kabayan:
Ngingu anjing we atuh atawa soang...

Jajang:
Iya keur neangan soang... lamun ngingu anjing barudak siueneun, jeung geuleuheun...

Kabayan:
Atawa kamu pasang CC TV.... hehehe

Jajang:
Hahaha ...
Padahal barang di imah teh teu sabaraha... tapi teuing euy. Alergi jeung maling teh
Teu ngeunah jadi omomgan batur..
nu dimaling calana dalam ... hehe

Kabayan:
Wah etamah maling jang sarat atuh..
Celana Dalam (cd) awewe atawa nu kamu?

Jajang:
Sabenerna mah meureun lain maling keur biaya sapopoe tapi dasar usil be hehe

Kabayan:
Etamah sakit jiwa... biasana kelainan sex

Jajang:
Hahaha ... simaling teh kolektor celana dalam meureun ...

Kabayan:
Pake tanda tangan atuh cd na ngarah malingna atoheun...hahaha

Jajang:
Iyalah ... keun. sigana maling nyaho lamun saya teh pelukis oge kitunya...

Kabayan:
Enya sugan we suatu saat cd na bisa dilelang...

Jajang:
Engke pas cd itu dipamer di jemuran pasti aya tanda tangan saya...

Kabayan:
Dibatik atuh atawa dilukis cd na kan rada artistik... jadi gampang nyiriana.

Jajang:
Wah ide bagus itu... jadi lain daripada yang lain, siiip.. hehe
tapi bisa bahaya, pasti maling ngincer cd saya bae... perlu keamanan ekstra euy..

Kabayan:
Kan cdna dipasangan alarm jadi mun aya nu ngambil teh langsung disada...

Jajang:
Hahaha ... masa alaremna buka pasang, kumaha lamun cd na dipake

Kabayan:
Milu nyantol, kan jiga bawa hp
Lamun ngaganjel makena di luar kawas superman...

Jajang:
Kumaha lamun di pake disada terus... berabe kitumah

Kabayan:
Kan pake remote...

Jajang:
Ah jiga piriweuhwun euy...

Kabayan:
Lamun cd aya nu maling... remotna tinggal dipencet lambang koncina. engke dijamin cdna moal bisa dicopot sa umur hirup bari jeung disada terus...
kabayang teu..? hahaha...

Jajang:
Pasti aya celah maling teh rek nyokot remotna euy... riweuh tah mun kitu...

Kabayan:
Hahaha ..
kawas mobil wae nya...

Jajang:
Pas kabeneran remotna di paling, cd keur dipake, disada terus.... untung lamun di imah, kumaha lamun keur di kondangan... alah lieur tah

Kabayan:
Hahaha ...

Jajang:
Keheula euy, siga aya nu rek maling cd saya...

-TAMAT-

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Urunan Kata